Thursday, January 5, 2012
tempat lahir beta !!
baheula mah jaman kuring sakola mani hormat pisan ka ibu bapa guru teh, komo basa kuring di sakola dasar mah sieun ku guru teh.
hiji mangsa dina pangajaran 'seni suara' guruna istri, murid murid kudu nyanyi saurang saurang kahareup, duh ari kudu nyanyi teh kuring mah teu bisa, kulantaran lagu teh ngan apal sapotong sapotong.
keur bingung mikiran lagu , panon neuteup kahareup, emmh eta ibu guru calik dina meja mayunan barudak bari tumpang kaki, ari anggoan jaman baheula mah pan keur usum rok mini.
barang kuring dititah nyanyi kahareup ari celengkeung teh nyanyi sapotong "DISANAAAA...TEMPAT LAHIR BETAAAA....!" bari jempol ditunjukkeun ka . . . ibu guru, "geus !" saur ibu guru bari turun tina meja.
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
No comments:
Post a Comment