Thursday, January 5, 2012
tempat lahir beta !!
baheula mah jaman kuring sakola mani hormat pisan ka ibu bapa guru teh, komo basa kuring di sakola dasar mah sieun ku guru teh.
hiji mangsa dina pangajaran 'seni suara' guruna istri, murid murid kudu nyanyi saurang saurang kahareup, duh ari kudu nyanyi teh kuring mah teu bisa, kulantaran lagu teh ngan apal sapotong sapotong.
keur bingung mikiran lagu , panon neuteup kahareup, emmh eta ibu guru calik dina meja mayunan barudak bari tumpang kaki, ari anggoan jaman baheula mah pan keur usum rok mini.
barang kuring dititah nyanyi kahareup ari celengkeung teh nyanyi sapotong "DISANAAAA...TEMPAT LAHIR BETAAAA....!" bari jempol ditunjukkeun ka . . . ibu guru, "geus !" saur ibu guru bari turun tina meja.
tukang baso
hiji mangsa sore-sore hujan ngaririncik tukang baso ngaliwat bari nakolan katel leutik ciri tukang baso.
keur noyod we bari ngalamun sugan aya nu meuli, gorowok teh sora budak ngageroan "mang..baso !". tukang baso ngalieuk terus nyampeurkeun, "mang aya keneh ?" ceuk budak, "seueur jang !" cek tk baso
"euleuh geuning seueur keneh ? diditu atuh dagangna mang meh tereh seep mah dinu rame, didieu mah sepi bisi teu pajeng" cek budak.
"ari ujang rek meuli moal ?"
" ah moal ngan ngawartosan we meh tereh seep dagangna diditu " . . . .
hayam jeung sapi
hayam : mmmhh . . .naa ari jelema mani teungteuingeun ka kuring mah !
sapi : teungteuingeun kumaha ?
hayam : kakara ge macokan pare sababaraha siki geus dibaledogan diusir. padahal mah sakadang jelema teh ampir unggal poe ngadalaharan endog jeung daging hayam.
sapi : sarua atuh ari kitu mah ka kuring ge mani teungteuingeun, ampir unggal poe tah susu kuring diramesan, ari dikawin henteu ...
sapi : teungteuingeun kumaha ?
hayam : kakara ge macokan pare sababaraha siki geus dibaledogan diusir. padahal mah sakadang jelema teh ampir unggal poe ngadalaharan endog jeung daging hayam.
sapi : sarua atuh ari kitu mah ka kuring ge mani teungteuingeun, ampir unggal poe tah susu kuring diramesan, ari dikawin henteu ...
Subscribe to:
Posts (Atom)